Kumpulan Informasi Penting Untuk Indonesia

CONTOH PIDATO BAHASA SUNDA ; MIARA JEUNG MICINTA KASENIAN TRADISIONAL SUNDA

MIARA JEUNG MICINTA KASENIAN TRADISIONAL SUNDA

Assalamu`alikum Warohmatullohi Wabarokatuh

Sampurasun!

Ibu miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya, katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman.
Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi, Allah SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat sareng salam mugia dilelerkeun ka jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sohabatna tur ka urang sadaya salaku umatna.
Kadang wargi anu mulya
Dina ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat kacamatan cipaku sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi sadaya. Kaleresan sim kuring kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil sakola ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu baris dibiantarakeun nyaeta” Miara jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda”.
Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman  globalisasi pangaruh kabudayaan luar teu tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu matak ngahariwangkeun, sabab seueur murangkalih urang sunda anu leuwih mikawanoh kana kasenian anu jona ti luar batan kasenian asli titinggal ti karuhun. Minangka conto, seueur murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun piano ti badan nabeuh calung, degung, angklung atawa nu liana.
Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah mopohokeun kana tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung, degung, tari ketuk tilu, jeung rea-rea deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya sunda ari lain ku urang sunda mah. Lamun urang hare-hare bae, teu nolih kana pangaboga urang, bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang amerika, urang jepang jeung urang eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng kabandungan, urang jepang, urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah sunda hayang diajar nabeuh degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna diajar, nepika sakabeh elmu ti guruna bisa kapimilik.
Ibu miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya nu ku ku sinkuring dipikaheman.
Miara kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran rupa-rupa alat kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh alat-alat kasenian sunda sangkan urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar. Di sakola, biasana sok aya alat-alat kesenian sunda kayaning degung, calung, angklung, kacapi jeung rea-rea deui. Tah tia ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya disakola kalayan bimbingan ti bapa jeung ibu guru.
Pamungkas, mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna umumna ka sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta budaya sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus nanjeur sapanjang jaman.
Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb.
Back To Top